oleh

RATU JIN QOLBUNIYAH DI PASANTREN KERESEK – GARUT (BAGIAN KADUA)

-Cerpen-19 Dilihat

Bagian Kadua

Ku : HASBA


Harita mah bororaah inget kabêh gê, katutup ku kasieun, jeung tambah ketir, munggah tariis suku. Lain ting rarempod deui, tapi kokoplokan wêh kulantaran aya hujan taneuh beureum pangawuran ti luar nu beuki loba baê asup ka imah!

Asupna nu anêh têh, naha ti mana jolna da panto jeung jandêla narutup. Kabêh pangawuran jiga nu dibahêkeun baê. Datangna nu panglobana ka Ma Êcoh da mungguh pinuh manêhna mah ku taneuh kana huis-huis.

Keur ketar-ketir jeung sieun kitu, na ana gurudug têh Êsin ti dapur nu keur ngasakkeun tumpeng maksud rêk ngarewahkeun lumpat ka tengah imah bari calawak. Buuk ngarumbay pibasaeunana mêh ngarewig da gelungna udar. Naha manêhna mani sabeuleugeunjeur, sakalumpat-lampêt têh saenyana teu êra lumpat bari anolêkak. Mani beresih pisan teu aya hahalangna kanu sok diimpen-impen, bisi katêmbong batur.

Harita mah buligir atra ka awêwê ka lalaki kanu araya di tengah imah. Têtêla manêhna keur kalap, da teu êra-êra sigana têh naian manêhna dina orat pada ngalalajoan têh. Gawêna calawak teu beunang ditanya. Barang diparancahan ku Ma Êcoh nu tas utah sisig jeung ku sakur anu aya nu milu êra ku peta Êsin kitu.

Ana gorowok têh manêhna: “Tulungan Êsiiin! Sieueueun! Ka Êsin aya anu ngajenggut gelung di dapur tuluy ngabedol samping!”

Lantaran manêhna mageuhan samping, ana belewer têh mani bangbaraan sorana kana ceuli aya nu malêngpêng. Mêh baê kana beungeutna pisan. Hadêna teu keuna heug ku gamparan lilinggaan.

Dilieuk saha nu boga lampah kitu, katukang, kamana mendi taya jelema saurang-urang acan. Malah panto gê narutup. Geus bêak mah nyarita kitu kakara manêhna inget dikaêra, uman imen terus nutupan oratna nêangan samping.

Kuring bubuhanana nu boga imah. Nyontoan yên kudu ludeung, da mun kuring nêmbongkeun ipis burih mah, moal teu birat ti imah. Lalumpatan. Ahirna, ngarugikeun kuring jeung anak kuring nu perlu kudu pada nungguan têa. Saenyana nitah heula ketah ka sing saha anu daêk.

Da kuring gê dina hatê mah mandeg mayong, aya wani aya sieun. Tapi kulantaran sarêrêa mugen, sakitu dibêjaan keur numpeng gê, kapaksa kuring ngawani-wani diri, hatê diteger-teger bar ingupahan manêh. Inget kana tulisan dina Manglê carita:”Pondok Jodo Didodoho” nu kieu unina: Sêtan têh digjaya, jurig têh sakti tapi manusa mah kawasa. Kawasa mun inget ka Pangêran. Mo êlêh ku sêtan marakayangan, mo bisa karanjingan ku iblis nu mawa sasar kana lampah. Manusa leuwih mulya jeung dimulyakeun ku Gusti Nu Maha Suci. Dileuwihkeun sagala-galana ti mahluk anu sêjên. Dibêrê akal, pikiran jeung bisa nyarita asal ulah poho ka Anjeunna.

Dongeng Mang Deddy Mulyadinata

Kuring indit ka dapur. Na atuh ari lol têh kuring ka goah. Lampu caang kênêh teu galideur katebak angin, hawu hurung nambah-nambah caangna ka luar, suluh bener teu barantakan tanda tas diasur-asur ku Êsin.

Tapi naon nu aya diluhureun sêêng têh? Geuning lain aseupan eusi tumpeng! Naha bet jadi aya payung meunang muka jeung muntir kawas kincir. Tapi euweuh nu muntirkeunnana. Têtêla si payung têh di luhureun sêêng jeung muntir ku manêh. Kuring ngagebeg bari otomatis maca istigfar.

Kuring ngusap beungeut sababaraha kali. Ngimpi kitu ieu aing têh? Ceuk hatê nanya ka sorangan. Tas ngusap beungeut deui kuring tuluy mengkek irung. Karasa deui eungapna, jadi têtêla lain dina ngimpi. Pêk deui kuring panasaran nyiwitan manêh.

Karasa deui êta gê nyeri. Nêtêlakeun yên kuring enya-enya lain ngimpi. Kuring jadi kasima nangtung lir patung, panon molotot mencrong kana payung nu muntir apung-apungan luhureun sêêng nu nyêngsrêng ku sora ngagolakna cai. Teu petot-petot diseuneuan.

Karasa sungut kuring têh lain molongo da gado noroktok, awak gê ngeleper. Rêk ngalêngkah hêsê, rêk ngomong teu bisa pok. Kari panon bubuncelikan gular-giler kaditu-kadieu. Paingan Êsin gê kitu da meureun nênjo êta. Nênjo payung teu eureun-eureun muter tapi teu aya nu nyekel.

Kuring boga kênêh katetepan hatê mana inget kadinya gê ka Êsin têa. Tapi teu karasa jeung teu ngarti ku naon sababna pangna samping geus goyobod!!!

Horeng kuring têh teu karasa deui geus ngayekyek cara budak mun ngimpi papang têa. Inget-inget têh geus jibreg. Ku ribegna baseuh di handap, rada kumpul deui ingetan têh. Baralik sawarêh-sawarêh pangacian nu tadi kabur têh. Rêt kuring kana bilik, gebeg deui baê. Molotot! Lantaran sakur parabot dapur saperti piring, cowêt, mutu, ka songsong-songsong ti hawu bet rapang dina bilik lalangit! Tapi teu antel da êta ogê kabêh jiga ting pulintir deuih. Songsong muter siga kolêcêr, cowêt jeung mutu pating garoêng, parêndêng lir dina gambar bêntang jeung bulan. Piring muter bari kakalayangan siga hiber bari sumbar-samber.

Kuring bengong salila-lia, bari nyorodcod tuur da êta deuih makê karasa yên awahing ku sieun têh makê jêung muruput ngahitutan manêh sagala. Hadêna henteu jeung bukurna. Niat arêk indit welêh can bisa obah. Rêt deui ka luhur antara lalangit jeung saluhureun sirah. Matak tambah-tambah sawan.

Geningan, di handapeun para, bet rapang aya katêl, panci-panci jeung lodong wadah cai, kitu deui buyung wadah bêas, cukil sangu, dulang, cangkir, bekong. Ah, sagala nu aya di dapur harita weh. Kabêh bet adek kana para! Kaayaannana bari maluntir deuih cara kupolahna hiji akrobat!

Malah barang rêt kana priring tadi nu sababaraha hiji muter bisa mun ayeuna dibandingkeun atawa digambarkeun akrobat kulawarga Tjan Tjun Ie, anu geus mintonkeun kasenian di Jakarta, kungsi dina televisi gê. Tapi jauh leuwih hêbat akrobat jurig di dapur kuring mah. Tjan Tjun Ie mah barina jujuralitan ngan bisa sakalina têh muterkeun opat piring jeung aya awina, minangka parabot anu dipakê muterkeunnana. Ieu mah piring anu sababaraha lobana têh teu makê sumbu jang pamuteran.

Rêt deui katukangeun sêêng, tadina mah rada silo kênêh can pati awas pisan kanu rada poêk. Geuning aya nu muter deui siga-siga rangap, horêng têh sampingna Êsin têa. Mimiti nangtung bleg, kalêng kurupuk melendungna. Hêg nonggêng ngedeng, jadi siga drum bensin alias tong kosong. Muter tuluy gogorolongan. Nênjo kitu ras deui ka Êsin yên tadina cageurna têh diparancahan têa.

Saharita balik deui pangacian, êling deui kuring têh. Pantes kuring kapupul bayu êlêh jajatên nepi ngayekyek ribeg sagala jeung tutup tutih da kuring waktu êta lat poho ka Pangêran. Geuwat baê sabisa-bisa babacaan deui, muntang ka Anjeunna bari ngajerit batin neneda pitulung. Kuring jadi bisa obah tuluy ngarayap ka tengah imah. Dina balikna ingetan, hatê têh gedê deui.

Tapi naha ari keur ngarayap teh kuring bet dikagêtkeun deui ku ayana sangu-sangu tumpeng dina gang liliwatan! Ting arenclo sagunduk-sagunduk, sangu tumpeng têh. Teu beda ting arenclona kokotor munding di jalan ka kandangna. Ti dapur ngantay ngabarabat lempeng anggangna siga diatur, siga diukur mêh sarua jarakna, kitu deui gedêna satampuyak-satampuyakna têh. Tug nepi ka panto tengah imah tempat nu nungguan anak kuring tea.

Sangu tumpeng ti mana? Anu tina aseupan têa tangtuna oge, tina sêêng da sêêngna mah apan jadi dieusi payung muntir gaganti aseupan tumpeng. Kuring asup kapatengahan pada malencrong, bari nanya naha cênah lila-lila teuig? Ku kuring can dijawab tapi buru-buru salin heula bisi batur seungiteun.

Malum sang cipapang murangkalih deui to ageung jeung anakan mah, tur rumasa kuring tibeurangna neda jêngkol. Kacipta ku para mitra gê. Geus salin kalawan buru-buru, pok kuring nyarita tina sakur anu katênjo tadi. Brêh di têmbongkeun tingarenclona tumpeng têa nu aya likurna boa gugundukannana têh.

Tuluy ka dapur, sakumaha anu tadi dicaritakeun kasaksian kênêh ku sakur anu harita milu. Payung muter kênêh bari apung-apungan saluhureun sêêng anu nyêngsrêng. Kum sakur anu ditataan tadi, boh dina bilik boh anu mêh adek kana lalangit tetep araya jeung maraên kêneh.

Ari bari lobaan mah nênjona babarengan bari pacekl-cekel, paantay-antay teu pati sieun teuing. Kuring mah makê bari tutunjuk nuduhkeun hiji-hijina anu muter têh. Jeung sura-seuri sagala cara anu bogana êta kamonêsan baê para panontonna, malah teu karasa makê jeung ngagaya nanaon, da pada muji.

Ongkoh yên kuring têh jelema kandel kawani, ludeungan cênah, teu aya nu nyangka yên kuring tadi jibreg mah!
Kira-kira geus seubeuh, saumpama mun lalajo mah, geus têtêla wêh kasarêrêa êta nu muter têh eureun sorangan tuluy ting kalayang. Siga nu tartib pisan baralikna kana urutna tadi masing-masing. Kalayan taya sora ting golombrang atawa ting borobotna piring da taya nu songhêk-songhêk acan. Payung nutup deui, lêos ka juru deui kana urutna, songsong, kêlê, lodong, buyung, wadah bêas kalawna teu cocêng eusina, panci, mutu gê nu ting jalungkir tadi jeung bekong têa.

Tarapti pisan sigana têh jeung bêrês baralikna. Jiga balik ku manêh da teu têmbong nu mêrêskeunnana mah. Samping Êsin mah nyaho-nyaho geus ngarungkup kanu bogana, ngajadikeun tibuburanjatna arêk lumpat deui mun teu dijêwang ku anu gigireunana mah.

Êsin têh katênjo makê tungkul ngelukeun sirah, singhorêng mani sakolêpat buuk Êsin jadi nyangreud cara tali dadung munding!

Sanggeus tanggah deui Êsin têh ngomong cênah pangna bieu tuluy tungkul têh karasana aya nu maksa nungkulkeun sirah jeung karasa aya nungagelungan deui. Sarêrêa ting puringkak bulu punduk. Pok deui Ma Êcoh ngomong yên tadi basa manehna kaliru kana sisig têh ngabaheumana panglay, awahing kurusuh sieun teu kaburu ngabura anu nêmbongan ka manêhna, nyaêta aya anu ngarupakeun hiji istri geulis dierok ngagayabag siga bengis pisan êta istri têh jeung rêk ngawuran kana sirah cênah. “Geura ieu tingali sirah Ema mani pinuh ku taneuh da teu kaburu ngabura ka manêhna!”

“Awêwê Ajengan, jurig teh. Heug, geulis deuih!”, ceuk Ma Êcoh anu jadina bet milu ngadêgdêg. Ras deui kuring inget kana carita Iko jeung Ninina si Ujang. Cag…

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.