oleh

RATU JIN QOLBUNIYAH DI PASANTREN KERESEK – GARUT (BAGIAN KA LIMA)

-Cerpen-42 Dilihat

Bagian Kalima – Dukun Debus Mejus



Ku Hasba


Pék deui ka Dén Didi asal ti Cianjur.  Naha atuh éta Dén Didi téh maké tinggaleun netepan Isa?  Bari ngawani-wani anjeun prak baé netepan nyalira. Manahna geus cus-cos baé sieun. 

Dipapantes ku anjeunna sajeroning salat téh kanu teu pararuguh atawa pikasieuneun baé.  Sieun gubrag wéh cek émutannana ti para bari ngarontok cara ka Dén Djaja. 


Pantesna téh gayabag baé ti paimbaran nyampeurkeun. Babacaannana Dén Didi jadi teu puguh, kaweur ku sieun padahal teu aya naon-naon. Ngadegna geus teu wani bari tungkul.  Ari rét téh anjeunna kana palang dada nu luhureun pangsujudan. 


Karérét aya nu buleud-buleud sagedé kaléci hérang.  Éta anu siga kaléci téh gorolong bulak-balik kadéngé soré tétérélékan sakumaha biasana sora kaléci ari ngagorolong.  Dén Didi peureum embung ébat ningali kana kaléci tea. 


Sakumaha dipeureumkeun ogé teu weléh matak ébatna alias batal wéh, kumaha atuh da babacaan gé geus teu puguh.  Pangacian gé kabur.  Fatihah geus teu anggeus-anggeus da balik deui-balik deui jeung ngaco téh.  Salatna duka sabaraha adegan éta si kaléci téh ngagorolongna bet jadi muter, salegana masigit ka ider kabéh bari tétérélékan. 


Teu dinyana-nyana ari térélék téh cenah si kaléci ngadeukeutan.  Geus deukeut ka Dén Didi ana les téh leungit. Saleungitna kaléci ana gewewek baé kana punduk Dén Didi aya nu nyabak.  Geus kitu mah kapaksa ngalieuk katukang bari sieun. 


Saha anu nyekelan punduk, da lain nyabak wungkul?  Ari ngalieuk ari bréh téh aya anu ngagupayan.  Berebet baé Dén Didi lumpat rék kaluar mani brar-brig-brug sagala didupak, bru baé labuh dina golodog teu empés-empés salila-lia anjeunna ngalempréh leuleus, sepa lir mayit teu inget kana naon-naon deui.  

Barudak santri di pondok rajol bari nyarurakan samaruk aya anu tiporos kana conggang, kulantaran aya palupuh molongo da aya anu ngabatek dipaké nyangu. 


Ari bréh téh Dén Didi nyampay dina paranggong (trap) masigit dina kayaan sepa tapi ngoprot késang, késang tiis tur dina kayaan teu empés-empés, tanda-tandana nu kapaéhan. 

Geuwat baé diparayang di ka kobongkeun.  Dén Didi waosna jantowor, taarna buncunur urut tidagor kana tihang jeung témbok.  Isukna angkatna téh ingkud-ingkudan urut tikoséwad hadéna teu potong ogé da tibeubeutna mani satakerna pisan.


Anu karandapan ku Hambali mah béda deui.  Inget kénéh tepi ka ayeuna gé kuring téh ka Hambali mah teu kaop nénjo korsi nu sok diputer-puter cara korsina tukang cukur di kota-kota. Ras kuring inget deui ka Hambali sababna kieu. Kuring téh harita sakitu dina jero keur susah ku mikiran gangguan sétan téa.


Maké aya kabungah kuboga korsi anyar anu bisa muter téa.  Disimpenna ogé dihareup dihandapeun jam, biasa bae sok bari demonstrasi ka barudak santri ari diuk dina korsi éta téh diputer-puter ngénca katuhu. Agul wéh kuring téh da sa-Kérésék mah can aya nu boga iwal ti juragan wadana mah di kantorna.  Keur caang bulan harita téh. 


Hambali kaluar ti kobongna nyorangan rék salat Isa, lantaran manehna hayang nyaho jam sabara-sabarahana, da manéhna téh saenyana tas kahéésan, nempo heula tina reregan kana jam.  Tapi kulantaran hayang leuwih tétéla térékél naék kana témbok rék nempo jam téa ti jandéla (érang-érang).  Barang rét kana korsi nu dipaké agul ku kuring aya nu diuk cénah.  


Nyangkana Hambali anu éta anu diuk téh kuring pribadi.  Katénjo ku manéhna nu diuk téh bari muter-muter korsi, bari pupuprilitan téa mani muter-muter baé sababaraha purilit. 

Balik ti masigit Hambali nempo deui, maksudn arek nanya ka kuring, tetep sangkana yen kuring nu diuk téh.  Ari lol nempo deui ari pok manehna nanya: “Tabuh sabaraha ieu téh Ajengan?  Naha wayah kieu teu acan kulem? Sareng naha calik téh nyalira baé?  Awahing ku sono kana korsi saé panginten Ajengan mah!”


Hambali héraneun naha cénah kuring téh cicing waé teu ngajawab, da Ajengan mah tara teu ngawalon. Di sidik-sidik ku manéhna nu dina korsi téh bet siga-siga gendut, béda ti pangawakan kuring anu beuki lila beuki kuru téa.


Beuki lila Hambali nempona beuki tétéla baé ka nu diuk téh katénjona bet mani ambréhom, bayuhyuh teu puguh patutna, nambru wéh  pibasaeunnana téh ngadungkuk sagedé munding.  Jeung maké sorban sagala.

Hambali beuki héran tapi tetep  manéhna neuteup kanu diuk téa, teu acan aya pikkiran naon-naon anggur nyangkakeun yén aya tatamu da kuring mah ongkohna gé can ka Arab harita téh can jadi haji.


Hambali téh inget da puguh manéhna tukangna ngarasana tamu, atawa palayan ari aya tamu ka kuring.  Manéhna inget yén euweuh tamu.  Jadi éta nu diuk téh meureun….!!!


Ngan berengebeng baé lumpat sagala didupak, sagala ditajong lumpat notog-notogkeun manéh.  Lawang kobong diteunggar teu kersa dilaan heula tulakna. Bru baé manéhna di panto ngajolopong nya capé nya nyeuri hulu diadu jeung tulak.  Der atuh guyur loba anu kahudangkeun ku polahna kitu.  


Kulobana jeung mindengna, kuring katut santri-santri digoda kitu jadi geus biasa deui malah jadi teu pati sieun teuing. Komo ari inget kana ilapat impian nu dipisaur ku Mama mah. Kuring téh saurna dijaring kuanjeunna sarta mun si Jin arék hianat atawa tékadna jahat Insya Allah bakal ngabéla. 


Bukti sakur panggoda kabehdieunakeun mah sipatna wungkul heureuy. Kuring teu weléh-weléh ihtiar, kudu kumaha nyinglarna. Leuwih hadé euweuh nu kitu tibatan diheureuyan baé. Tungtungna kuring boga niat rék ngupahan manéh.


Gangguan jin téh diumpamakeun wéh saperti kuring boga monyét atawa ngukut monyét galak sarta kulantaran gambleng ku kuring disanggakeun kana kersana Pangéran, da ari teu widi ti Anjeunna mah sagala ogé moal aya kajadian-kajadian ka awak kuring kitu.  Buktina dukun lepus, paraji sakti taya nu mahi. Parancah-parancah mental taya nu kaala kasiatna. 


Ku lilana kuring diganggu téh jadi apal ogé ku pangalaman iraha datangna panggoda.  Babakuna dina riungan-riungan ka anu suaban atawa ka anu borangan teuing jeung jadi nyaho naon anu jadi kangéwana.  Kitu sotéh taksiran baé éta téh.


Sabab kieu pangna bisa naker jeung ngira-ngira anu aku manéhna dipikangewana. Anu bukti ngéwana téh kana peuteuy, atawa lamun aya peuteuy di imah kuring kudu sakali dahar sakumaha lobana ogé kudu saharita dibéakkeun atawa disingkurkeun, sabab saban-saban aya peutéuy di imah, mani ngan sakolepat sok les baé euweuh tina tempatna, najan dijero téténong atawa dilomarian ogé.


Kamana éta peuteuy léosna? Dicokot atawa dipaok téh ku si jurig téh, tuluy dipaké muraan batur. Ana sebrot-sebrot téh ka batur bubuk peuteuy, saperti Ma Écoh muraan ku panglay. Si Éta mah ku peuteuy. Teu pilih bulu deuih sapanjang dimanehna aya kénéh mah peuteuyna anu ti imah kuring, da  tara ari nu ti warung mah atawa tina tangkalna kawasna mah. 


Sakur nu ngaliwat, sakur anu ngariung-riung, anu salat nu ngaji. Ah, birat wéh anu gélo geus nyembur-nyembur peuteuy beunang meuweung!   Mun lumpat teu puguh ka  mana kuduna lumpat nyingkahan pamurana. 


Mun nyumput, nyumput ka mana da puguh itu mah teu katénjo ku sasaaha ogé. Puguh-puguh rék nyingkah singhoréng nyampeurkeun, atuh ana sebrot téh mani pinuh kana beungeutna.  Mebek peuteuy jeung ku bau téa deuih sarta cepel ciduhna téh.


Abong nu hantem hantemna diburaan mani teu walakaya deui.  Mending kénéh nu cicing-cicing diliwat teu dibura sakali-kali acan.  Mu seug dina usum peuteuy manéhna ngalaan sorangan tina tangkalna awa nyokotan ti warung kawasna téh sa-Kérésékna, sa-Cibatuna, sapasarna dibura kabéh, da karesepna ngaburaan jalma anu ngagimbung-gimbung kumpul.      


Kuring teu weléh ihtiar hayang ngusir éta jin. Anu julig du’a taya nu mental, jampé jeung parépéh taya paédahna.  Lain ajian anu teu matih tapi kabisana élmuna itu leuwih luhur atwa daya mantrana leuwih tibatan pangabisa nu aya di manusa. 


Kanyataan?  Kuring geus ngahaja ngadatangkeun ahli debus anu kamashur ka anu jauh, kawentar ka anggangna, do’ana makbul, tiupna lepus, ciduhna gé wah… teu aya nu bireuk.  Kematna ka anu pundung  atawa peta anu nampik ngan sakali ku élmuna anu disebut “puter giling” jadi anu ngintil masrahakeun awak. 


Kitu deui pangusirna ka dedemit anu cilimit ka ririwa anu sok deleka. Moal aya dua  Sanusi.  Tukang debus ti Cirebon, kamashur murid Tegal Gubug, kakoncara ti Wanantara ku pinterna naluk-nalukeun jurig.  Jin anu pelekik jeung kumaki lamun wani-wani ngaharubiru ka bangsa manusa. 

Ka Sanusi mah taya anu manggap mulia anu karitu téh.  Tah Sanusi éta pisan anu ku kuring ngahaja diala dipapag-papag jeung dibarengan sangkan geuwat –geuwat datang.


Sadatangna ka imah kuring kalawan karana Allah pokna téh. Debus Sanusi anu sakti téh geus prak ngamimitian ihtiar maké palakiah anu biasa dijalankeun ku manéhna sarta tara gagal deui. 

Dongeng Sunda

Manéhna nulis surat Alamtaro dina panto. Nulisna dipegat-pegat cara anu nulis isim téa geuning ari poé rebo wekasan anu sok sina dianclomkeun kana cai tulur diarinum atawa dipaké nyampuran cai keur mandi. Kakara gé trét, malah can aya saparona, hartina can anggeus-anggeus acan, geus ngéng aya sora awéwé ngaji surat Alamtaro mani tarik ngoncrang alus pisan dina panto téa tepi ka tamatna. 

Sakur nu rék dituliskeun (anu karék maksud rék dituliskeun) geus dipiheulaan ku éta anu maca téh.  Atuh boro-boro rék sieuneun eta jin teh ku Surat Alamtaro ti Sanusi, da geuning leuwih apaleun tibatan Sanusi sorangan. 


Ana pluk téh deuih sanggeus nu maca tadi eureun aya surat murag anu biasa téa ditulisna ku patlot beureum.  Muragna kahareupeun saréréa.  Eusina éta surat teh nangtang ngajak ngadu pangabisa, ngadu masalah tina pangelmu anu dua belas. 


Pokna cek dina surat: ”Bisi Ustad (kitu nyebut ka kuring) panasaran hayang ngajajal pangabisa ana. Meunang diajar ngaji ti Abika, baeu arek nanya naon?”  Debus Ki Sanusi panggilan ti Cirebon téa ka Jin anu aya di imah kuring mah kanu ngaranna Siti Kolbuniyyah saharita sanduk-sanduk ngarasa éléh, ngarasa tunapangawasa, mana tambah gé daya pangabarannana lain lawan-lawaneun cénah sarta tarima apes.  


Mun useup mah kalahka taak dipaksa gé percuma pokna téh, mun ngalawan jin santri nu kieu mah, tétéla jago ka ngajina.


Ucapan Ki Sasnusi téh teu salah, sabab kieu nyatana. Iko, alo kuring téa an pangheulana dibéré ngimpi (diilapatan) basa arék ngamukna Siti Koluniyyah. Dina hiji peuting keur manéhna ngapalkeun, nalar Alfiah dina Bab Idhofat, maké ngahaja dikantégan, diléléwé tah ku Nyi Siti Kolbuniyyah téh. Kumaha ngantégannana? Matak hélok ku pinterna. 


Urang mah apan geus biasa, najan nu geus jadi profésor ogé lamun nalar téh sakumaha biasana urang ari maca. Nya éta nurut éntép seureuhna (baik Couplét). Ti bait awal tuluh kan abaik kadua jeung saterusna.  Sagala nu ditalar gé, nungturun. 


Tapi kumah ari Nyi Siti Koluniyyah?  Dibalikeun ieu mah, lain ti luhur maju ka buntut tapi tina buntut tuluy naék kana hulu.  Pétana kitu téh manéhna mah mani nereleng teu kagok-kagok saeutik gé tuluy nenggak ka luhur tepi ka bait awal, lain nungturun. 


Saha pijalmaeunnana di urang bisa kitu?  Mangga baé geura cobian. Urang geus sababaraha kali, geus apal wéh sapérti kana Couplét Indonésia Raya ti hiji dugi ka tilu cing coba tembangkeun dimimitian ti Couplét (bait) ka tilu tuluy kan akaduana heula méméh kan bait kahiji téh.  Kawasna dirégénna ogé moal sanggupeun ari dilalar mah.  Jeung kudu gancang téa. 


Tétéla jin téh teu kapalang ari geus pinter.  Mun geus daék ngaji, tepi ka ngartina leuwih ti ngarti, leuwih ti batur, da dipaparinna kitu ku nu Maha Suci. Sabalikna ari geus jahat leuwih ti jahat alah batan anu pangjahatna ti antara mahluk-mahluk séjén.  Mun geus colonos, mun céngos, mun jail atawa deleka, mun nyingsieunan sok aya leuwihna baé. 


Loba anu boga panyakit jantuy tuluy marhum sakali gé mun jin dihareupeun tina bisa-bisana nyieun kareuwas, kasieunb atur  Mun geulis atuh enya, cénah mani sok ngungkulan widadari mun enggeus mah papanggih jeung widadari.


Mun goréng patut ogé nyakitu.  Tapi keukeuh baé sipating jin  mah di anu kumaha baé ogé ditambah ku dibéré bangor , sanajan anu pang alim-alimna ogé, dibéré jahat baé.  Tepi ka aya babasan kieu téa apan: 


Saalim-alimna ji sarua jeung manusa anu pangdholim-dholimna.  Ulamana, kiayina jin anu pangalim-alimna saruana téh jeung bangsat gerot tukang rampog tukang maling mun di bangsa manusa.  Geura baé ana geus nyingsieunan.  Jin téh bisa nyieun rupa nu  pikagilaeun pisan, pikasieuneun ku goréng patutna. 


Euweuh baé di anusa mah nu goréng cara jin nu geus nyingsieunan.  Upamana urang disingsieunan ku Carmad anu panggoréng-goréng patutna.  Mungguh pikeun di bangsa manusa (jelema) mah.  Najan di tambah gé Carmad bari digogoréng pisan patutna, sangkan urang tambah sieun teu weléh baé tah si Carmad siga kénéh manusa (jelema).


Rupana Jin mah ampun….!!! (na parantos kitu sadérék H. Hasan Basry patepang sareng Carmad?) Malah aya nu nyebutkeun lamun ku Pangéran pareng ditembongkeun nu sajati rupana jin.  Nu sakumaha kuatna ogé jiwana bakal jadi OTM (Otak Miring).  Éta anu kuat sakitu téh, kumaha ari nu teu kuat?  Ari gok ari hos meureun paéh.  


Buktina gé kumaha anjeunna anu nyata?  Karék gé keretekna, tempo-tempo, lain-lain acan keretekna jin, boa beurit boa ucing, jalma téh geus muriding bulu punduk, séor aya nu ngawuran ti astana lain kokoplokan deui imbitna téh, tapi aya anu rarasaannana coplok tulang cungcurungannana sagala atawa teu pupuguh goyobod padahal teu aya anu ngabanjur sumawonna aya cai deukeut-deukeut. 


Kulantaran kitu teu kendat-kendat kuring muji syukur kanu Agung, dipasihan kuat nandangan cocoba anu sakitu lilana nédéng lima tahun teu aya reureuhna beurang peuting teu karasa pangraksa.  Anjeunna diwuwuh barokahna Mama Almarhum, kuring hamo bisa walyua, nepi ka kiwari. 


Moal ngasaan jaman kamulyaan nagara RI Merdéka, moal bisa ngilu ngajalankeun Ampera, moal boga dadasar Pancasila, moal nyaho-nyaho acan kana kaalusan lambang Indonesia Bhinnéka Tunggal Ika lantaran tangtu kaburu maot.  Saréatna ku gangguan Jin anu teu uyahan téa, sakali deui kuring nganuhunkeun kanu Agung tina hal éta Kuring hirup kénéh teu konyol ku Jin… Cag…

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.